Aldy Juniansyah Safutra
Tentang saya
Motivasi sim kuring ngiringan Mojang Jajaka Kabupaten Garut nyaéta kanggo ngamekarkeun poténsi diri, nambihan pangaweruh, sareng ngawangun kapercayaan diri. Salian ti éta, sim kuring hoyong ngiring ngamumulé budaya Sunda, ngawanohkeun kaéndahan pariwisata sareng poténsi unggulan Kabupaten Garut ka masarakat, utamina ka generasi ngora.
✨ Sampurasun, wargi Garut. ✨ Sim kuring nyuhunkeun pangrojong sareng doa ti sadayana kanggo ngaléngkah dina pasanggiri Mojang Jajaka Kabupaten Garut 2026. 🤍 Sakurang-kurangna hiji vote ti anjeun sadayana janten pangrojong anu ageung pikeun sim kuring. Hayu urang sasarengan ngadukung nonoman anu miboga sumanget pikeun ngamumulé budaya Sunda sareng ngamajukeun Kabupaten Garut. Ulah hilap vote sim kuring, nya. 🫶🏻
Prestasi
- Tilawah Qur’an
- Moka BNN antar desa
- Pramuka