Sultan Aulia Alfadhila
Tentang saya
Motivasi abdi ngiringan Pasanggiri Mojang Jajaka Kabupatén Garut 2026 sanés saukur hoyong janten anu pangsaéna, tapi ogé hoyong janten pribadi anu tiasa masihan mangpaat anu pangsaéna. Abdi hoyong ngabuktikeun yén saurang Jajaka sanés ngan saukur kedah reueus kana jati dirina salaku urang Sunda, tapi ogé kedah mampuh ngajaga, mekarkeun, sareng ngawanohkeun budaya ka generasi nu bakal datang. Kanggo abdi, Garut sanés saukur lembur kalahiran anu beunghar ku budaya sareng pariwisata, tapi ogé bumi anu nyimpen poténsi ageung anu kedah diperjuangkeun. Abdi hoyong janten bagian tina generasi ngora anu ngajantenkeun budaya salaku jati diri, élmu pangaweruh salaku bekel, sareng pangabdian salaku tujuan dina Pasanggiri Mojang Jajaka Kabupatén Garut taun 2026 ieu.
✨ Sahiji Sora, Sajuta Harepan. ✨ Garut miboga carita, budaya miboga harti, mangsa hareup ngantosan nonoman anu rancagé dina karya. 🌿 Dina Semifinal Pasanggiri Mojang Jajaka Kabupatén Garut 2026, mugia hiji sora ti anjeun janten bagian tina lalampahan abdi. Hayu, dukung abdi, titipkeun sora anjeun. 🤍 Ngamumule Budaya, Ngahontal Cita-cita. Hatur nuhun kana pangrojongna. 🙏🏻
Prestasi
- Juara 1 Lomba Karya Tulis Ilmiah Se-GMNI Garut, 2022 (Lomba Khusus Kader/Anggota/Alumni Organisasi GMNI Kab. Garut).
- Juara 1 Lomba Karya Tulis Ilmiah 2023 Se-Pondok Pesantren Islamic Center Limbangan.
- Juara 1 Karya Seni Drama/Teater 2024 Se-Pondok Pesantren Islamic Center Limbangan.