Logo navbar desktop, MOKA Garut 2026
BerandaTentangPendaftaranVoting
Logo navbar seluler, MOKA Garut 2026
Logo footer, MOKA Garut 2026

Niti Harti, Nanjeur Bukti

Paguyuban Mojang Jajaka Kabupaten Garut menghimpun Mojang dan Jajaka terpilih untuk mengembangkan diri dan berkontribusi bagi daerah. Kami berperan dalam pengembangan pariwisata, pelestarian budaya, dan ekonomi kreatif Garut. Pasanggiri Mojang Jajaka menjadi salah satu program pemilihan dan pembinaan yang kami jalankan.

@mokagarut

Jelajahi

TentangPendaftaranVotingGaleri

Rangkaian kegiatan

AudisiSemifinalKarantinaUnjuk KabisaGala DinnerGrand Final

Profil finalis

Jajaka DewasaMojang DewasaJajaka RemajaMojang Remaja

Copyright © PAMOKA Garut 2026

Niti Harti, Nanjeur Bukti

Semua finalis MD
Rahma Dita Sukma Amalia, MD

Rahma Dita Sukma Amalia

Tentang saya

Motivasi sim kuring ngiringan Pasanggiri mojang jajaka Kab. Garut nyaéta sim kuring ngagaduhan kahoyong janten salah sawios wawakil nonoman Kabupaten Garut anu tiasa ngawanohkeun sareng ngamumulé kabudayaan Sunda. Ngaliwatan Mojang Jajaka Kabupaten Garut, sim kuring hoyong ngajak masarakat, hususna nonoman, supados henteu mopohokeun budaya Sunda. Kalayan pangaweruh sareng pangalaman salaku mahasiswa Sastra Sunda, sim kuring miharep tiasa ngawanohkeun kabeungharan budaya Sunda ka masarakat anu langkung lega, sarta ngiring ngajaga sareng ngamumulé budaya Sunda supados tetep lestari dugi ka generasi salajengna.

“Sawatara léngkah moal sampurna tanpa pangrojong, sawatara harepan bakal leuwih hurip ku ayana kanyaah.” Kalayan handap asor, sim kuring nyuhunkeun pangdeudeul sareng doa ti sadayana. Mugia unggal sora anu dipaparinkeun janten suluh pikeun nyaangan ieu lalampahan, janten pangrojong pikeun nanjeurkeun ajén-inajén kasundaan, sarta janten léngkah pikeun ngaguar kaéndahan budaya Sunda.

Prestasi

  • Mojang Favorit Program Studi Sastra Sunda 2025